Posts

NASKAH LONGSER

HESE JODO Ku Refina Dwi A. S. Tokoh: 1.      Cipong            - jajaka nu keur néangan jodo, rada malibir 2.      Ciping             - sobat dalit Cipong nu sok méré saran tapi teu logis 3.      Karolina          - mojang nu wijaksana, kembang désa sasaran si Cipong 4.      Ayah Érik       - tatangga nu sok méré papatah tapi teu puguh 5.      Narator   ADEGAN 1 ( Di hareupeun imah Cipong, manéhna diuk ngahuleng. Teu lila, Ciping datang mawa awi leutik. ) Narator Cipong, jajaka désa anu masih ngalaksanakeun tugasna, tapi aya kasangtukang nu séjén. Manéhna ayeuna keur mikiran hiji perkara anu matak nyeri haté, nyaéta... JODO! Ciping       ...

NASKAH DRAMA BARUDAK

  SOSOBATAN Ku Refina Dwi A. S. Tokoh: 1.      Cindy              – ceria jeung jujur 2.      Vania              – babaturan Cindy, rada éraan tapi bageur 3.      Wisli               – babaturan Cindy nu sok ngabohong sangkan meunang perhatian 4.      Pak Bas           – guru nu wijaksana 5.      Anggi              – babaturan Cindy nu sok pupulasan   BABAK 1 Adegan 1 di Sakola (Isuk-isuk) ( Cindy jeung Vania keur dariuk di bangku taman, ngarobrol. Wisli datang paromanna bangun nu bungah ) Cindy  : “(imut) “Héy, Wisli! Kumaha damang?” Wisli ...

PUPUH

Pupuh Kinanti (Kica-kica) Kiwari geus tara ngapung Langka pisan katingali Ganti lampu tinggurlap Kica-kica nu ngalabring Éléh ku lampu caraang Matak was matak sedih   Pupuh Sinom (Sagara Biru) Ombak gédé di sagara Matak betah nu ningali Bari nginum ci kalapa Hulang-huleng di basisir Nepi ka embung balik Parahu di laut biru Meni was nu nénjona Ciptaan Gusti nu Suci Matak resep jeung kataji ku éndahna   Pupuh Asmarandana ( Kersaning Gusti) Hayu dulur geura éling Raga taya pangawasa Laku lampah masing hadé Ngarah loba anu suka Hirup tenang tur bungah Ku kersaning anu Agung Urang mulang ka Anjeunna   Pupuh Maskumambang (Duh Gusti) Aduh Gusti naha bet nimpa ka kuring Hirup susah pisan Baluweng taya nu ngarti Duh Gusti tulungan kula   Pupuh Balakbak (Dogér Monyét) Itu monyét ditungtun ku nu bogana Ngadogér Bulak-balik bari jogéd di sisi jalan Ni ramé Loba nu ningali bari méré duit Nyalawér ...

RUMPAKA LAGU

  RUMPAKA LAGU Ku Kelompok 1 Rumpaka ka-1 Lukisan Alam Di tengah leuweung Panonpoé nyorot bumi Séakna cai sorana matak tingtrim Ngahudang rasa haté bungah Alam matak betah Gunung, laut jeung sawahna Di dieu urang hirup, di dieu urang diuk  Cinta alam bagja diri éndahna kembang mekar Angin datang nebak awak Sora manuk anu eunteup dina dahan Alam éndah salawasna Rumpaka ka-2 Kaasih Sepuh Galindeng kaasih sepuh nu langgeng Jadi papayung agung Sepuh tempat nyalindung Du’a dina unggal poé Satia maturan rénghap Ihlasna wening dumeling  Kolot gudang pangridho gusti Kudu bisa ngabagjakeun Turut kana sagala parentah nu bener Ulah nepi ka nganyerikeun Pituahna dilaksanakeun Sangkan sagalana babari

SAJAK-SAJAK SUNDA

  SAJAK-SAJAK SUNDA Ku R éfina Dwi A. S. IKLAS Méga mendung nutupan langit, layung nu konéng leungit teu pamit, hiliwir angin nembus kulit, dipapaès ku hujan ngarincik, mawa carita nu kacida pait. Keclak cai soca naratas maseuhan damis, ceuk sugan tungtungna bakal amis. Hiji harepan nu rék dijugjug, nu pinuh ku kabagjaan jeung kabungahan, leupas jauh ka awang-awang. Haté ngajerit maratan langit, sagala du'a diapungkeun dina sunyina peuting, poékna sugan bisa ngupahan, Allah pasti nangtayungan. DUKA TEUING Hujan ngarincik tengah peuting, meupeuskeun simpé dina haté, asa teu puguh rasa, isukan sieun kumaha. Ngahuleng jeung ngahérang, bingung nyaliara kana pikiran, sok sieun teu bisa, duka teuing kudu kumaha. SAJAK TEU JUDULAN Teu karasa mani asa sakedét nétra Poé ganti bulan, bulan ganti taun Pamingpin raga di nagara geuning sulaya tina subaya Di mana panggung-panggung kaadilan téh? Naha ieu nu ngaranna merdika? Tuh... di ditu, loba kénéh nu ngajerit maratan langit Dina waruga nu tay...

FIKMIN: WANCI PEUTING

  WANCI PEUTING Ku Refina Dwi A. S.      Peuting ieu, kuring hésé saré, kamar karasa geueuman. Teuing naon pangna, asa teu puguh rarasaan, rét ka ditu lain, lieuk ka dieu salah. Haté asa guligah. Panon geus dipeureum-peureumkeun sababaraha kali gé angger beunta deui. Peuting nu mongkléng meungkeut awak kuring dina kasimpé. Ngadadak kolaseu kahirupan narémbongan deui, suka-bungah, kasedih, cinta, paripolah nu geus karandapan jeung sajabana. Meulit kana ingetan nu beuki peuray. “Aya naon ieu téh? Bet ngadak-ngadak ciga kieu teu ciga sasari”, pok kuring dina jero haté. Kuring cicing sakedapan, bari tuluy ngabeberah diri. Teu lila gerendeng deui kuring ngomong na jero haté. “Kuring boga salah naon nya?” Kuring nyobaan deui meureumkeun panon, ayeuna mah nu narémbongan téh béda, teu ciga nu tadi. Tina ceuli kadéngé sora ngahiung, beuki lila beuki tarik. Kuring geus teu bisa nénjo nanaon, sajauh deuleu ngan poék nu puguh mah. Samar-samar réang sora jalma daratang nyalampeur...

CARPON SUNDA: MANÉHNA

MANÉHNA Ku Refina Dwi A. S.      Harita, bulan Januari jam 5 soré kuring jeung babaturan –Cahyo ngaranna,  geus nepi di hiji terminal di Kota Bandung. Niatna mah rék balik ka imah, da  saminggu ka tukang téh kuring jeung Si Cahyo tos ulin ti Jakarta. Mun ceuk jaman ayeuna mah healing, tapi sabenerna mah kuring ti Jakarta gé tos nepungan babaturan nu hiji deui. Nya aya wé saeutik mah hiburan ka Ancol. Barang turun tina angkot, saperti biasa calo geus rényong pada nanya rék ka mana. Aya nu nanya wungkul, aya ogé nu hideng langsung mangmawakeun kantong nu dibawa ku kuring, tapi buru-buru éta kantong téh direbut deui. Leuwih ti 3 jelema meureun nu nanya ka kuring jeung Si Cahyo rék ka mana téh. Kuring teu pati maliré, saterusna kuring muru loket paranti meuli tikét. “Tikét Wonosobo, Pa, dua.” Pok kuring ka bapa-bapa nu jaga loket.      Dina tikét aya katerangan yén beus jurusan Bandung-Wonosobo téh inditna jam 6 soré. Bari diuk na korsi tunggu, kuring...